Cerita pendek bahasa sunda.
Kebat lampah Mardi, ninggalkeun lembur. Omongan Pa Momo nongtoreng keneh dina ceulina, yen manehna teu meunang ngadeukeutan Nengsih, salila can jadi jalma jugala. Matak nurih kana atina.
Panon poe geus manceran. Kesang cipruk, maseuhan awak. Lapat-lapat kaciri aya Elf. Geus deukeut tuluy dipegat.
Clak, kana Elf. Nyarande kana jok, nyawang ka mangsa nu can karuhan.
Clak, kana Elf. Nyarande kana jok, nyawang ka mangsa nu can karuhan.
Tepi ka kota Bandung. Mardi bingung, kudu ka saha jeung dimana ngarereb, kawantu teu boga dulur. Wanci geus nyedek ka sareupna. Leos ka emper toko. Dug, manehna ngagoler di dinya, ditilaman kardus.
Meunang saminggu manehna kitu teh. Duit bekel mimiti ngipisan, sedengkeun dahar mah kudu. Ti kajauhan aya lalaki ginding keur ngagedig.
"Pasrahkeun duit anjeun! Mun henteu, ieu nyebit beuteung," Mardi neueulkeun balati kana beuteung Si lalaki.
"Muhun, mangga," Si lalaki masrahkeun loketna.
Mardi ngaleupaskeun eta lalaki, satuluyna Mardi ngabelecet lumpat, asup ka gang leutik .

Geus aya genep bulanna manehna ngalakukeun pagawean kitu. Antukna hoream neangan gawe. Nepi kana hiji poe. Mardi seuri, ngitung beubeunanganna poe eta.
"Cik ngiluan!" ceuk hiji sora.
"Saha anjeun?"
"Kuring Wardan. Sarua siga anjeun. Kumaha lamun urang ngahiji? Sangkan leuwih kuat,"
Mardi ngahuleng, bangun nu mikir.
"Nya sok lah. Kuring satuju,"
Peuting harita maranehna reureuh di hiji wangunan nu can jadi.
Mardi ngalamun bari sila tutug. Manehna geus boga niat, minggu hareup rek balik ka lembur. Duit nu dikumpulkeun geus diancokeun pikeun nanyaan Nengsih.

"Mar, kuring rek meuli kopi heula nya," Wardan ngagareuwahkeun nu ngalamun.
"Enya, War. Sakalian jeung dahareun, euy,"
Wardan unggeuk. Manehna ngagedig ka warung nu aya di peuntaseun jalan.
Heuleut lima belas menit, Wardan datang mawa keresek.
"Yeuh, Mar!" ngasongkeun cikopi nu diplastikan, jeung sangu bungkus.
"Ari keur maneh?" enggeus urang mah.
Celebek, Mardi dahar. Beres dahar regot kana kopi.

Isukna kaayaan di eta tempat pinuh ku jalma. Sabab aya nu manggihan Mardi geus jadi layon. Beungeutna geuneuk, biwirna ngaluarkeun budah.
"Wilujeng ka alam kalanggengan, Mar. Hampura! Bongan maneh teu waspada," saurang lalaki kaluar tina riungan jalma loba, dina pesakna pinuh ku duit.
TAMAT
#carpon
#carpon
Tidak ada komentar:
Posting Komentar